@yandaawan

Sajak Sunda "Bandung" Karya Wahyu Wibisana

Wahyu Wibinsana sumber foto Tribun Jabar doc keluarga
BANDUNG

Karya Wahyu Wibisana


Kacipta kénéh sagala-galana
basa urang ngobrol ku basa Sunda 
di kota anjeun 
Bandung lucu
Ieu sajak keur kenang-kenangan 
jeung hiji-hijina hal nu rék dicaritakeun 
ngan ka anjeun 
Hayang kuring nanya heula 
saméméh pamit rék paanggang 
ieu Bandung nu heurin ku tangtung 
itu Lémbang kota hérang jeung béntang 
mindeng méré ilham kana kalam? 
Ah, kacida bagjana, kanca 
mun urang bisa maca ieu kaéndahan 
dina geulisna tempat padumukan 
di lemah cai sorangan 
ku basa urang 





Bandung

Kacipta kénéh sagala-galana / Masih terbayang segala-galanya
basa urang ngobrol ku basa Sunda / waktu kita bicara dengan bahasa Sunda
di kota anjeun / di kota kamu
Bandung lucu / Bandung lucu
Ieu sajak keur kenang-kenangan / Ini sajak untuk kenang-kenangan
jeung hiji-hijina hal nu rék dicaritakeun / dan satu-satunya hal yang ingin diceritakan
ngan ka anjeun / hanya kepada kamu
Hayang kuring nanya heula / Ingin aku bertanya dulu
saméméh pamit rék paanggang / sebelum pamitan untuk berjauhan
ieu Bandung nu heurin ku tangtung / ini Bandung yang padat penduduknya
itu Lémbang kota hérang jeung béntang / itu Lembang kota bening dan bintang
mindeng méré ilham kana kalam? / sering memberi ilham pada perkataan?
Ah, kacida bagjana, kanca / Ah, alangkah bahagianya, kawan
mun urang bisa maca ieu kaéndahan / jika kita bisa membaca keindahan ini
dina geulisna tempat padumukan / dalam cantiknya tempat permukiman
di lemah cai sorangan / di tanah air sendiri
ku basa urang / dengan bahasa kita

Labels: Basa Sunda

Thanks for reading Sajak Sunda "Bandung" Karya Wahyu Wibisana. Please share...!

0 Comment for "Sajak Sunda "Bandung" Karya Wahyu Wibisana"

@artridwan | www.artridwan.my.id. Diberdayakan oleh Blogger.
Back To Top