@yandaawan

Tingkesan Basa Sunda Kelas 7 Semester 2



Rangkuman materi Basa Sunda Kelas 7 Semester 2

1. Iklan Layanan Masyarakat 

Harti

Iklan Layanan Masyarakat nyaéta iklan anu eusina ngajak masarakat pikeun ngalakukeun hal-hal anu mangpaat pikeun kapentingan umum.

Ciri-ciri

  • Ngandung ajakan atawa himbauan.
  • Basana singket, écés, jeung gampang kaharti.
  • Henteu pikeun ngajual produk.
  • Boga tujuan pikeun ngadidik masarakat.

Unsur-unsur Iklan Layanan Masyarakat

  1. Judul
  2. Slogan (kalimah pondok anu gampang diapalkeun)
  3. Gambar/Ilustrasi
  4. Pihak anu nyebarkeun

Conto

"Hayu urang ngajaga kabersihan lingkungan. Ulah miceun runtah sagawayah."

 

2. Paguneman

Harti

Paguneman nyaéta prosés komunikasi antara dua urang atawa leuwih pikeun silih tukeur informasi, pikiran, jeung pangalaman.

Tujuan Paguneman

  • Nepikeun informasi.
  • Silih tukeur pamadegan.
  • Ngaronjatkeun silaturahmi.

Tatakrama Basa dina Paguneman

  • Ngagunakeun basa anu sopan.
  • Hormat ka lawan nyarita.
  • Teu motong omongan batur.

Conto Ungkara Sopan

  • Punten
  • Hatur nuhun
  • Mangga
  • Hampura

 

3. Kaulinan Barudak

Harti

Kaulinan barudak nyaéta kaulinan tradisional anu biasa dipaénkeun ku barudak.

Conto Kaulinan Tradisional

  • Ucing sumput
  • Oray-orayan
  • Egrang
  • Langlayangan
  • Kaléci
  • Pecle
  • Congklak

Mangpaat Kaulinan Tradisional

  • Ngalatih gawé bareng.
  • Ngalatih kaparigelan.
  • Ngajaga budaya Sunda.

 

4. Dongéng

Harti

Dongéng nyaéta carita rekaan anu henteu kajadian sabenerna.

Unsur-unsur Dongéng

  • Tokoh
  • Alur
  • Latar
  • Amanat

Dongéng Sasatoan (Fabel)

Dongéng anu nyaritakeun sasatoan anu kalakuanana siga manusa.

Amanat

Pesen atawa piwuruk anu hayang ditepikeun ku pangarang.

 

5. Pupujian

Harti

Pupujian nyaéta karya sastra Sunda anu eusina ngandung ajaran agama Islam.

Fungsi Pupujian

  • Muji kaagungan Allah SWT.
  • Méré naséhat.
  • Ngado'a.

Ciri-ciri Pupujian

  • Eusina ngeunaan agama Islam.
  • Biasana ditembangkeun saméméh solat berjamaah.
  • Miboga wirahma atawa lentong.

Istilah Penting

  • Wirahma = nada atawa lentong.
  • Amanat = naséhat atawa piwuruk.
  • Pupujian = karya sastra anu eusina ajaran agama Islam.

 

6. Pangalaman Pribadi

Harti

Pangalaman pribadi nyaéta kajadian anu kungsi kaalaman ku diri sorangan.

Ciri-ciri

  • Kajadian nyata.
  • Dicaritakeun ku nu ngalamanana.
  • Ngandung perasaan jeung pamikiran nu ngalaman.

Jenis Pangalaman

  1. Pikaresepeun = ngagumbirakeun.
  2. Pikasediheun = nyieun sedih.
  3. Pikahariwangeun = nyieun hariwang atawa sieun.

Léngkah Nulis Pangalaman

  • Nangtukeun kajadian.
  • Nuliskeun runtuyan kajadian.
  • Nepikeun perasaan.
  • Nyindekkeun hikmah atawa palajaran.

 

7. Sajak

Harti

Sajak nyaéta karya sastra anu ngagunakeun basa anu éndah jeung miboga wirahma.

Unsur Batin

  • Tema
  • Amanat
  • Rasa

Unsur Lahir

  • Diksi (pilihan kecap)
  • Rima
  • Bait
  • Padalisan

Ciri-ciri Sajak

  • Basa kiasan jeung imajinatif.
  • Disusun dina bait jeung padalisan.
  • Ngandung amanat.

Maca Sajak

Nalika maca sajak kudu merhatikeun:

  • Intonasi
  • Éksprési
  • Lafal
  • Wirahma

 

8. Aksara Sunda

Harti

Aksara Sunda nyaéta aksara tradisional warisan budaya Sunda.

Aksara Ngalagena

Jumlahna aya 18 aksara.

Aksara Swara

Aya 7 aksara swara:

  • A
  • I
  • U
  • É
  • O
  • E
  • Eu

Rarangkén

Tanda anu dipaké pikeun ngarobah sora vokal dina aksara Sunda.

Fungsi Rarangkén

  • Ngarobah sora vokal.
  • Nambahkeun sora nu tangtu.
  • Ngaleungitkeun sora vokal.

Conto Rarangkén

  • Panghulu
  • Pamepet
  • Pangwisad
  • Pamaéh

Rarangkén Pamaéh

Dipaké pikeun ngaleungitkeun sora vokal.

Tujuan Diajar Aksara Sunda

Pikeun ngamumulé budaya Sunda sangkan henteu leungit ku jaman.

 

Ringkesan Pikeun Diapalkeun

✅ Iklan Layanan Masyarakat = iklan pikeun kapentingan umum.
✅ Paguneman = komunikasi dua urang atawa leuwih.
✅ Kaulinan barudak = kaulinan tradisional saperti ucing sumput, egrang, jeung langlayangan.
✅ Dongéng = carita rekaan; amanat = pesen.
✅ Pupujian = karya sastra Sunda nu eusina ajaran Islam.
✅ Pangalaman pribadi = kajadian anu kaalaman ku diri sorangan.
✅ Sajak = karya sastra anu basana éndah jeung imajinatif.
✅ Aksara Sunda miboga 18 aksara ngalagena jeung 7 aksara swara.
✅ Rarangkén dipaké pikeun ngarobah sora dina aksara Sunda.
✅ Diajar aksara Sunda pikeun ngamumulé budaya Sunda.

 

Maham jeung Ngaringkes Eusi Téks Éksposisi



Maham jeung Ngaringkes Eusi Téks Éksposisi

leu di handap aya téks éksposisi. Pék baca heula dina jero até. Geus kitu, ringkeskeun eusina.

 

Basa téh Cicirén Bangsa

 Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sabada basa Jawa. Kiwari, basa Sunda téh kaasup basa daérah nu masih dipiara tur diparaké ku masarakatna. Ku kituna, hirup-huripna basa Sunda ogé ditangtayungan ku nagara. Luyu jeung UUD 1945, Bab XV, Penjelasan Pasal 36, anu nétélakeun yén "Di wewengkon-wewengkon anu mibanda basa sorangan, anu dipiara ku rayatna kalawan hadé-hadé (upamana basa Jawa, Sunda, Madura, jeung sajabana), éta basa-basa téh bakal diajénan jeung dipiara ogé ku nagara."

 

Ayana bangsa atawa sélér bangsa téh dicirian ku ayana basa. Aya babasan nu unina "Basa téh cicirén bangsa." Leungit basana, ilang bangsana. Kitu deui, basa Sunda mangrupa ciri ayana urang Sunda. Lamun basa Sunda geus teu diparaké deui, leungit tina kahirupan, nya urang Sunda ogé bakal leungit.

 

Unggal daérah boga adat kabiasaan masing-masing. Ceuk paribasa, "Ciri sabumi cara sadésa, jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana". Lain tepak séjén igel. Béda-bédana adat kabiasaan di unggal daérah nuduhkeun yén budaya urang téh beunghar. Ku kituna, lamun urang pindah ti hiji daérah ka daérah séjénna kudu bisa nyaluyukeun diri jeung daérah anyar nu dicicingan. Urang kudu bisa pindah cai pindah tampian.

 

Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial-budaya anu makéna. Ku kituna, jaba ti jadi unsur budaya Sunda, basa Sunda boga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda. Jaba ti éta, basa Sunda anu mibanda kalungguhan jadi basa daérah téh sagulung-sagalang jeung basa Indonésia katut basa asing. Balukarna di antara éta basa-basa téh pasosok.

 

Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Dina hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda ragam basa. Dipakéna basa Sunda téh keur sadirieun jeung keur ka batur. Keur sadirieun, nyaéta dina waktu urang ngimpi, ngadunga, kukulutus, ngitung, jeung catetan poéan dina agenda pribadi. Keur ka batur, nyaéta waktu urang palémék atawa komunikasi. Nyatana pikeun alat campur gaul jeung papada urang Sunda atawa nu lain urang Sunda tapi geus bisa basa Sunda.

 

Nurutkeun daerah dipakéna, basa Sunda téh leuwih loba dipaké di luar kota ti batan di jero kota. Ragam basa anu dipaké di daérah atawa wewengkon téh geus lila disebut basa Sunda wewengkon. Upamana waé, aya basa Sunda wewengkon Bekasi, Bogor, Ciamis, Cianjur, Cirebon, Indramayu, Purwakarta, Karawang, Sérang, Subang, Sumedang, jeung Tasikmalaya. Ari basa Sunda wewengkon Bandung, dina taun 1912 ku Pamaréntah Hindia Walanda, ditetepkeun jadi basa Sunda lulugu.

 

Ragam basa nurutkeun atikan formal ngabédakeun ayana ragam basa nyakola jeung ragam basa teu nyakola. Ragam basa ti panyatur anu nyakola ilaharna ébréh lebah ucapan foném-foném tina basa kosta, ngukuhan kaedah basa, boh tata basana boh undak usuk basana.

 

Ragam basa nurutkeun sikep panyatur nu raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun, disebut undak usuk basa atawa tata krama basa. Undak usuk basa enas-enasna mangrupa sopan santun makéna basa. Ku kituna, undak usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes (hormat) jeung ragam basa kasar (loma, atawa teu hormat). Ragam basa lemes aya dua rupa, nyaéta lemes keur batur jeung lemes keur sorangan anu bisa katitén wujudna dina lisan atawa kecap, pasemon, rengkuh jeung peta, sarta lentong anu merenah.

 

Ragam basa nurutkeun warna makėna basa disawang tina jihat jejer omongan, médium atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Disawang tina jejer omongan, aya ragam basa urang réa (balaréa) anu ilahar dipaké sapopoé jeung ragam basa urang réa nu dipaké husus dina widang jurnalistik, paélmuan, sastra, jeung agama. Disawang tina médium makéna, aya ragam basa lisan anu dipaké dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis nu dipaké dina surat, koran, majalah, jeung buku.

 

Disawang tina jihat pasosokna, aya ragam basa nyunda jeung ragam basa nu teu nyunda. leu téh henteu ngandung harti masarakat Sunda ulah narima pangaruh tina basa lian. Nyerep unsur tina basa lian dimeunangkeun pisan, pangpangna dina hal pakeman-pakeman basa anyar dina basa Indonésia anu beuki loba tur populér sarta dina basa Sunda tacan aya sawandana. Munasabah nepi ka kitu téh lantaran média geusan mopulėrkeunana kawilang réa pisan, boh média citak jeung média éléktronik, boh média sosial. Dina éta média teu saeutik dipakéna basa Sunda pacampur jeung basa Indonésia atawa basa asing. Asupna kecap-kecap saperti SMS (short massage service), donlod (download), mos (mouse), aplod (upload), loding (loading), jstė.

 

Najan aya pangaruh tina basa séjén, basa Sunda tetep jadi ciri ayana urang Sunda. Jaba ti kitu, basa Sunda ogé boga ciri has atawa kaunikan. Aya nu nyebutkeun yén basa Sunda téh disebut basa rasa. Ari sababna, basa Sunda téh beunghar ku kecap-kecap kaayaan nu ngagambarkeun rasa tur hésé ditarjamahkeun kana basa séjén. Contona, kecap méléngé béda jeung molongo. Jaba ti éta, dina basa Sunda téh réa kapanggih purwakanti nu ngagambarkeun sasaruaan sora. Upamana waé, dina paribasa "Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak" aya purwakanti /i/ jeung /a/.

 

Basa Sunda boga vokal /eu/ anu hésé diucapkeun ku sélér bangsa séjén. Contona, "Beuheung ceuceu ceuleugeug". Basa Sunda ogé beunghar ku kecap-kecap anu ngandung vokal /a/ nepi ka ngawangun purwakanti saperti "Kang Dadang aya maksad hajat badag. Kang Dadang angkat ka Majalaya, maksadna ngala nangka ngala kalapa. Barang datang ka Majalaya, kasampak tangkal nangka tangkal kalapa aya ngajajar dalapan. Da tangkal nangka tangkal kalapa mah tara ka mamana. Kalacat Kang Dadang hanjat kana tangkal nangka. Barang hanjat kasampak aya kadal badag ngarayap kana calanana. Kang Dadang ragrag kana sawah saat. Naha lalampahan Kang Dadang ka Majalaya tamat? Acan lantaran aya barayana mawa Kang Dadang tatamba ka tatanggana."

 

Dina basa Sunda aya kecap anteuran jeung kecap panganteb anu hésé ditarjamahkeun kana basa séjén. Jumlah kecap anteuran aya 418 kecap saperti gék, jung, léos, jeung kalacat dina wangunan basa gék diuk, jung nangtung, léos indit, jeung kalacat unggah. Kitu deui, kecap panganteb jumlahna kaitung réa, saperti mah, téh, téa, ogé, wé, waé. Jaba ti éta, basa Sunda ogé mibanda kecap katerangan sipat anu hartina nuduhkeun 'kacida' atawa 'pisan' saperti euceuy dina beureum euceuy hartina 'beureum pisan', ngagedod dina héjo ngagedod hartina 'héjo pisan', jeung nyempring dina ipis nyempring hartina 'ipis pisan'.

 

Diolah ti babaraha sumber.

Sumber Tulisan :

Simpay Basa Sunda 
Pikeun SMP/MTS Kelas VIII hlm 109 - 111

Kura-kura Ambon

Kura-kura Ambon

 Kura-kura Ambon: Jenis kura-kura air tawar Asia Tenggara

Cuora amboinensis: Nama ilmiah spesies

Semi-akuatik: Hidup di darat dan air

Omnivora: Pemakan tumbuhan dan hewan

Habitat rawa: Tempat hidup alami

Telur ovipar: Berkembang biak dengan bertelur

Ditemukan di Indonesia, Malaysia, dan Filipina

Hidup di rawa, sungai kecil, dan sawah

Umur bisa puluhan tahun

Aktif pada malam hari (nokturnal)

Makan buah, serangga, ikan kecil, tumbuhan air

Ukuran dewasa 20–25 cm

Betina lebih besar dari jantan

Bertelur 1–5 butir

Butuh keseimbangan habitat air dan darat

Suhu memengaruhi aktivitas dan metabolisme

Kelestarian habitat menentukan kelangsungan hidup

Pola makan omnivora membantu bertahan

Nokturnal untuk menghindari panas

Kualitas air memengaruhi kesehatan

Lingkungan stabil memperpanjang umur

Edukasi penting untuk pelestarian

Burung Kutilang

Burung Kutilang

Burung Kutilang

Kutilang adalah burung dari keluarga Pycnonotidae.

Nama ilmiahnya adalah Pycnonotus aurigaster.

Burung ini banyak ditemukan di Asia Tenggara termasuk Indonesia.

Kutilang memiliki suara khas yang nyaring dan sering terdengar di pagi hari.

Ciri khasnya adalah bagian kepala berwarna hitam dan tubuh coklat keabu-abuan.

Bagian bawah ekor berwarna merah atau jingga.

Kutilang hidup di lingkungan terbuka seperti taman, kebun, dan pekarangan.

Burung ini aktif pada siang hari (diurnal).

Makanan utamanya buah-buahan dan serangga.

Kutilang mudah beradaptasi dengan lingkungan manusia.

Burung ini sering terlihat berpasangan atau dalam kelompok kecil.

Kutilang membuat sarang dari ranting dan rumput.

Telurnya biasanya berjumlah 2–3 butir.

Kutilang termasuk burung yang tidak terlalu pemalu.

Populasi kutilang relatif stabil dibanding burung kicau lain.

Kutilang berperan dalam penyebaran biji tanaman melalui konsumsi buah.

Adaptasi tinggi memungkinkan kutilang hidup di berbagai lingkungan.

Pola makan omnivora membantu kelangsungan hidupnya.

Kicauan berfungsi sebagai komunikasi antarburung.

Kehadiran kutilang menunjukkan lingkungan yang masih mendukung kehidupan.

Interaksi dengan manusia dapat meningkatkan populasi di perkotaan.

Kutilang membantu mengendalikan populasi serangga.

Lingkungan yang bersih dan hijau mendukung kehidupan burung.

Sarang merupakan bagian penting dalam reproduksi dan perlindungan telur.

Burung diurnal memanfaatkan cahaya matahari untuk aktivitas.

Rantai makanan menjaga keseimbangan populasi makhluk hidup.

Kerusakan habitat dapat mengurangi populasi burung.

Keanekaragaman hayati penting untuk keseimbangan ekosistem.

Konservasi diperlukan untuk menjaga keberlanjutan spesies.

Peran manusia penting dalam menjaga lingkungan hidup burung.

Burung Murai Batu



Murai batu adalah burung dari keluarga Muscicapidae.

Nama ilmiahnya adalah Copsychus malabaricus.

Burung ini banyak ditemukan di Asia Tenggara termasuk Indonesia.

Murai batu terkenal karena suara kicauannya yang merdu dan bervariasi.

Burung ini memiliki ekor panjang yang menjadi ciri khas.

Warna bulunya umumnya hitam mengkilap dengan bagian dada coklat kemerahan.

Murai batu hidup di hutan tropis dan semak-semak.

Burung ini bersifat teritorial dan agresif terhadap sesama.

Makanan utamanya serangga seperti jangkrik dan ulat.

Murai batu juga memakan buah-buahan kecil.

Burung ini aktif pada pagi dan sore hari.

Murai batu sering dipelihara sebagai burung kicau.

Jantan memiliki suara lebih variatif dibanding betina.

Murai batu mampu menirukan suara burung lain (masteran).

Populasi murai batu di alam mulai menurun akibat perburuan.

Murai batu berperan dalam menjaga keseimbangan populasi serangga.

Kicauan digunakan sebagai alat komunikasi dan penanda wilayah.

Sifat teritorial membantu mempertahankan sumber makanan.

Adaptasi warna bulu membantu kamuflase di habitat alami.

Keanekaragaman suara menunjukkan kecerdasan burung.

Lingkungan yang baik mempengaruhi kualitas kicauan.

Interaksi manusia dapat meningkatkan atau menurunkan populasi.

Penangkaran dapat membantu pelestarian jika dilakukan dengan benar.

Perburuan liar dapat mengancam kelestarian spesies.

Habitat yang rusak berdampak pada keberlangsungan hidup burung.

Burung kicau memiliki nilai ekonomi di masyarakat.

Perawatan yang baik meningkatkan kesehatan dan performa burung.

Rantai makanan menjaga keseimbangan ekosistem.

Konservasi diperlukan untuk menjaga kelangsungan spesies.

Etika dalam memelihara hewan harus diperhatikan.

 

@artridwan | www.artridwan.my.id. Diberdayakan oleh Blogger.
Back To Top