@yandaawan

Tingkesan Basa Sunda Kelas 8 Semester 1

Tingkesan Pangajaran 1 Carita Pondok

 

1. Carpon téh singgetan tina carita pondok, nyaéta karya sastra anu diréka dina basa lancaran (prosa) kalawan ukuranana pondok.

 

2. Upama nilik eusina, jalan carita atawa galur carpon mah ilaharna sajalur, tara réa-réa tur teu pajurawet kawas novél. Kitu deui latar atawa setting-na, éstu digambarkeun saeutik pisan, tara papanjangan. Pon kitu deui palakuna, tara loba teuing.

 

3. Istilah carpon dina sastra Sunda sarua hartina jeung short story dina sastra Inggris atawa cerpén dina sastra Indonésia.

 

4. Unsur-unsur nu ngawangun carpon, di antarana, téma, palaku, latar, galur, carita, jeung puseur sawangan.

 

5. Dina sastra Sunda, buku kumpulan carpon anu munggaran medal téh judulna Dogdog Pangréwong karya G. S. dina taun 1930.

 

6. Buku-buku kumpulan carpon séjénna, di antarana waé, Carita Biasa karya RAF (Rahmatullah Ading Affandi), Papacangan karya Rusman Sutiasumarga, Néangan karya Caraka (Wiranta), Jajatén Ninggang Papastén karya Yus Rusyana, Diwadalkeun ka Siluman karya Ki Umbara, Halimun Peuting karya Iskandarwassid, Kanyaah Kolot karya Karna Yudibrata, Jiad Ajengan karya Usép Romli H. M., Ki Merebot karya Ahmad Bakri, sareng Murang-Maring karya Godi Suwarna.

 

Tingkesan Pangajaran 2 Kampung Adat

 

1. Kampung adat nyaéta kampung anu warga masarakatna nyekel deleg atawa kukuh pengkuh kana adat-istiadat atawa warisan budaya karuhunna.

 

2. Imah-imah di kampung adat umumna imah panggung anu ngabogaan arsitektur tradisional anu has.

 

3. Arsitektur tradisional ngabogaan istilah-istilah husus, saperti wuwung, suhunan, ampig, kaso-kaso, eréng, bilik, lalangit, jsté.

 

4. Aya sababaraha kampung adat di Jawa Barat, di antarana waé: Kampung Kuta di Ciamis, Kampung Naga di Tasikmalaya, Kampung Dukuh di Garut, Kampung Ciptagelar di Sukabumi, jeung Kampung Miduana di Cianjur.

 

5. Jaba ti kampung adat, aya ogé imah adat saperti imah adat Cikondang, Kabupaten Bandung, jeung imah adat Panjalin, Kabupatén Majalengka.

Labels: Basa Sunda

Thanks for reading Tingkesan Basa Sunda Kelas 8 Semester 1 . Please share...!

0 Comment for "Tingkesan Basa Sunda Kelas 8 Semester 1 "

@artridwan | www.artridwan.my.id. Diberdayakan oleh Blogger.
Back To Top