Tingkesan Pangajaran 1 Tatakrama
1. Wawanohan (perkenalan) lumangsung antara dua urang atawa
leuwih anu anyar pinanggih. Bisa langsung silih wanohkeun diri bisa diwanohkeun
ku batur.
2. Wawanohan lumangsung dina paguneman, nyaéta ngawangkong,
ngobrol, atawa ngomong silihtémpas.
3. Paguneman dina basa Indonésia disebut percakapan atawa
dialog, dina basa Inggris disebutna dialogue. Paguneman kaasup kana kagiatan
komunikasi dua arah. Prak-prakanana aya nu nanya aya nu ngajawab.
4. Kiwari paguneman bisa langsung paadu hareupeun waé atawa
bisa ogé maké alat komunikasi kawas HP.
5. Dina waktu paguneman diperlukeun tatakrama, boh tatakrama
paripolah boh tatakrama basa. Tatakrama basa atawa undak-usuk basa mangrupa
sopan santun makéna basa dumasar kana kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung
hubungan antara panyatur, pamiarsa, tur jalma nu dicaritakeun.
6. Tatakrama dipaké dina rupa-rupa widang kahirupan, boh
kahirupan sapopoé, dina kaulinan, di sakola, di kantor, di tempat wisata, boh
dina karya sastra.
7. Kaulinan barudak atawa kaulinan urang lembur kaasup kana
tradisi, anu ngalibetkeun paripolah jeung basa. Aya rupa-rupa kaulinan, aya nu
maké alat aya nu henteu. Aya kaulinan budak awéwé, kaulinan budak lalaki, jeung
aya kaulinan budak awéwé jeung budak lalaki.
8. Dina kaulinan sok kapanggih kakawihan, nyaéta wangunan
puisi anu dikawihkeun, tapi cara ngawihkeunana henteu maké patokan maneuh
saperti kawih. Kakawihan kaasup lagu rayat, anonim, tur sumebar di masarakat.
Tingkesan Pangajaran 2 Dongeng
1. Dongéng nyaéta carita rékaan anu dikarang dina wangun
basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan, nyaéta tatalépa ti hiji jalma ka
jalma séjénna.
2. Ciri-ciri dongéng téh, di antarana waé, sumebarna sacara
lisan, teu kanyahoan saha nu ngarangna (anonim), ngagunakeun basa lancaran,
eusi caritana mangrupa rékaan malah réa anu pamohalan, jeung ukuranana ilaharna
pondok.
3. Unsur carita nu ngadeudeul dongéng, nyaéta jejer, palaku,
latar, galur, puseur sawangan, jeung amanat.
4. Nurutkeun eusina, aya rupa-rupa papasingan dongéng,
nyaéta fabél, parabél, legénda, sagé, jeung mite.
5. Sawatara dongéng anu geus dibukukeun, di antarana waé
Dongéng-Dongéng Sasakala (Ki Umbara), Aker Dangsé (Wahyu Wibisana), Jurig
Kabayan (Tini Kartini), Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét (Ami Raksanagara),
jeung Salawé Dongéng-Dongéng Sunda (C. M. Pleyte).
Thanks for reading Tingkesan Basa Sunda Kelas 7 Semester 1. Please share...!
0 Comment for "Tingkesan Basa Sunda Kelas 7 Semester 1"