Ngalarapkeun Kalimah Paréntah
Titénan conto kalimah ieu di handap.
Kudu ngukur ka kujur, nimbang ka
awak!
Conto kalimah di luhur mangrupa
paribasa anu fungsina atawa maksudna maréntah pikeun milampah pagawéan. Ari
kalimah paréntah téh nyaéta kalimah anu nitah parmiarsa milampah pagawean nu
diparéntahkeun. Jadi, conto di luhur téh nyoko kana dua wangun, nya paribasa
nya kalimah paréntah.
Aya rupa-rupa kalimah paréntah
téh, di antarana waé, (1) kalimah panitah, (2) kalimah pangajak, (3) kalimah
pangharepan, (4) kalimah panyarék, (5) kalimah pangwawadi, (6) kalimah
pangjurung, jeung (7) kalimah panggeuri (Sudaryat, 2013).
Kalimah panitah nyaéta kalimah anu dipaké pikeun maksa jalma lian migawé pagawéan, biasana sok maké kecap cing, cik, jeung punten.
Contona:
Cing pangmeulikeun obat!
Kalimah pangajak nyaéta
kalimah anu dipaké pikeun ngajak
jalma lian sangkan digawé
babarengan, biasana maké kecap (ha) yu, urang, mangga, jeung hayu urang.
Contona:
Hayu urang indit ayeuna!
Kalimah pangharepan nyaéta
kalimah anu eusina ngébréhkeun
harepan lumangsungna peristiwa,
biasana maké kecap mugia, muga-muga, pamugi, hayang téh, jeung mudah-mudahan.
Contona:
Muga-muga baé kahoyong hidep
tinekanan!
Kalimah panyarék nyaéta
kalimah anu eusina nyarék atawa nyaram jalma lian pikeun migawé pagawéan,
biasana maké kecap ulah, (en)tong, jeung teu meunang.
Contona:
Ulah ulin di dinya barudak!
Kalimah pangjurung nyaéta
kalimah anu eusina ngajurungkeun jalma lian pikeun migawé pagawéan, biasana
maké kecap geura, gancang, buru(keun), jeung énggal.
Contona:
Geura jung atuh ari rék ka pasar
mah!
Kalimah pangwawadi nyaéta
kalimah anu eusina nganjurkeun atawa ngawawadian jalma lian sangkan migawé
pagawéan, biasana maké kecap mun, hadéna, alusna, jeung sawadina.
Contona:
Sawadina mah anjeun lapor heula
ka pupuhu!
Kalimah panggeuri nyaéta
kalimah anu eusina ngébréhkeun paménta nu lumengis ngarah jalma lian mikarunya,
biasana maké kecap emh, hih, jeung cing atuh.
Contona:
Hih atuh, kasép wayahna baé sing
daék prihatin!
Kagiatan
1. Hidep geus diajar rupa-rupa
kalimah paréntah.
2. Ayeuna hidep papasangan jeung
babaturan sabangku.
3. Jieun kalimah paréntah maké
kecap-kecap ieu di handap.
a. punten
b. cik
C. mangga
d. yu
e. mugia
f. teu meunang
g. entong
h. sawadina
i. burukeun
j. cing atuh
k. jung atuh
l. alusna mah
m. ulah
n. hayu urang
0.mugi-mugi
p. muga-muga
q. pamugi
.. . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . . .
4. Kelompokkeun wanda kalimah
paréntahna.
5. Hasilna tepikeun di hareupeun
kelas, tuluy kumpulkeun ka guru.
6. Kelompok hidep bisa
ngoméntaran bener henteuna jawaban kelompok séjén.

0 Comment for "Ngalarapkeun Kalimah Paréntah. Basa Sunda SMP Kelas 8"