@yandaawan

Aksara Sunda


sumber foto : @aikamichiru



Aksara Sunda

 

Aksara Sunda nyaéta aksara nu dipaké ku urang Sunda pikeun nuliskeun kecap-kecap dina basa Sunda. Hanjakal, aksara Sunda geus ditinggalkeun ku masarakat sabab jaman kolonial nepi kamerdékaan, masarakat diparéntah ninggalkeun aksara Sunda minangka idéntitas budaya Sunda. Ahirna, aksara Sunda hampir geus teu dipaké ku masarakat jaman ayeuna.

 

Aksara Sunda diwangun ku opat bagéan, nyaéta aksara ngalagena, aksara swara, angka, jeung rarangkén.

 

1. Aksara ngalagena

Aksara ngalagena (konsonan) jumlahna aya 23 siki, nyaéta 18 aksara tulén jeung lima aksara serepan. Sacara silabis, aksara ngalagena ngandung sora vokal /a/. Aksara ngalagena di antara na waé nyaéta ka, ga, nga, ca, ja, nya, ta, da, na, pa, ba, ma, ya, ra, la, wa, sa, ha, fa,qa, va, xa, jeung za.

 

2. Aksara swara

Aksara swara dina basa Sunda nyaéta aksara anu sacara silabis ngandung harkat sora vokal. Aksara swara aya tujuh jumlahna, nyaéta a, i, u é, o, e, jeung eu.

 

3. Angka

Dina basa Sunda, angka oge aya aksarana. Jumlahna aksara angka aya 10 siki, sarua jeung jumlah angka dina huruf Latén, nyaéta 0, 1, 2, 3, 4, 5, 6, 7, 8, jeung 9.

 

4. Rarangkén atawa pananda sora

Lambang vokalisasi aksara Sunda aya 13 siki. Disawang tina tempat cicingna, rarangkén aya sababaraha rupa, nyaéta rarangken nu ditulis di luhureun aksara, ditulis di handapeun aksara, jeung ditulis sajajar jeung aksara.

 

Rarangkén dina Aksara Sunda

Rarangkén nyaéta pananda sora atawa vokalisasi dina aksara Sunda. Pananda rarangkén bisa ngarobah, nambah, atawa ngaleungitkeun sora dina aksara ngalagena (konsonan). Dina buku Aksara Sunda Kaganga dan Sistem Tata Tulisnya karya Prof. Dr. H. Ayatrohaedi (2006), aya 13 rarangkén dina aksara Sunda, nu dibagi-bagi deui dumasar kana cara nulisna jeung tempat cicingna. Aya tanda vokal nu di luhur, di handap, sajajar, jeung dihijikeun kana aksara swara. Pék titénan wawaran ieu di handap.

 

1. Rarangkén nu ditulis di luhureun aksara ngalagena

 

Rarangkén nu ditulis di luhureun aksara ngalagena aya lima siki, nyaéta:

  • Panghulu, ngarobah vokal aksara /a/ jadi /i/.
  • Pamepet, ngarobah vokal aksara /a/ jadi /e/.
  • Paneuleung, ngarobah vokal aksara /a/ jadi /eu/.
  • Panglayar, gunana nambah konsonan /r/ kana aksara ngalagena.
  • Panyecek, gunana nambah konsonan /ng/ kana aksara ngalagena.

 

2. Rarangkén nu ditulis di handapeun aksara ngalagena 

Rarangkén nu ditulis di handapeun aksara ngalagena aya tilu siki, nyaéta:

 

  •   Panyuku, ngarobah vokal aksara /a/ jadi /u/.
  •   Panyakra, nambah vokal aksara/ra/ kana aksara ngalagena.
  •   Panyiku, ngarobah vokal aksara/la/ kana aksara ngalagena.

 

3. Rarangkén nu ditulis sajajar jeung aksara ngalagena 

Rarangkén nu ditulis sajajar jeung aksara ngalagena aya lima siki, nyaéta:

 

  •   Panéléng, ngarobah vokal aksara /a/ jadi /é/.
  •   Panolong, ngarobah vokal aksara /a/ jadi /o/.
  •   Pamingkal, ngarobah vokal aksara /a/ jadi /+ya/.
  •   Pangwisad, ngarobah vokal aksara /a/ jadi /+h/.
  •   Pamaéh, ngaleungitkeun vokal /a/ dina aksara dasar (ngalagena).

 

4. Rarangkén nu ditulisna bisa dihijikeun jeung aksara swara 

Rarangkén nu ditulisna bisa dihijikeun jeung aksara swara aya tilu siki, nyaéta:

 

  •   Panglayar, nambahan /+r/ kana aksara swara.
  •   Panyecek, nambahan /+ng/ kana aksara swara.
  •   Pangwisad, nambahan /+h/ kana aksara swara.

Sumber tulisan : 
Simpay Basa Sunda pikeun SMP/MTS Kelas VII hlm. 129-131

Labels: Basa Sunda, Kelas 7

Thanks for reading Aksara Sunda. Please share...!

0 Comment for "Aksara Sunda"

@artridwan | www.artridwan.my.id. Diberdayakan oleh Blogger.
Back To Top