@yandaawan

Belajar Angklung Akompanyemen

 

Nada Angklung Akompanyemen

Susunan Angklung Atas

C - D - E - Dm - Am - A - G - Em - B - Bm - Bes - F - Gm


Susunan Angklung Bawah

C - Em - D - Fm - B - G - Bes - F - A - E - Dm - Bm - Am


Cara Memainkan Akompanyemen Angklung untuk Pemula

1. Kenali Fungsi Angklung Akompanyemen

Angklung akompanyemen berfungsi sebagai pengiring lagu dengan memainkan akor (chord).
Berbeda dengan angklung melodi yang memainkan satu nada, angklung akompanyemen menghasilkan beberapa nada sekaligus.

Contoh:

  • C Mayor → C – E – G
  • G7 → G – B – D – F

 

2. Posisi Memegang Angklung

Tangan Kiri

  • Pegang bagian atas rangka angklung.
  • Posisi stabil dan tidak terlalu kencang.

Tangan Kanan

  • Memegang bagian bawah rangka.
  • Digunakan untuk menggoyangkan angklung.

 

3. Teknik Dasar Menggoyangkan

A. Kurulung (Getar Panjang)

Cara:

  • Goyangkan angklung ke kanan-kiri secara cepat dan halus.
  • Bunyi terdengar panjang.

Digunakan untuk:

  • Lagu lembut
  • Nada pengiring panjang

 

B. Centok (Sentakan)

Cara:

  • Tarik angklung satu kali dengan cepat.
  • Menghasilkan bunyi pendek.

Digunakan untuk:

  • Irama tegas
  • Ketukan cepat

 

C. Tengkep

Cara:

  • Salah satu tabung ditahan agar tidak berbunyi.
  • Menghasilkan bunyi tertentu saja.

Biasanya dipakai pemain lanjutan.

 

4. Cara Membaca Akor

Simbol

Dibaca

Nada

C

Do Mayor

C–E–G

G7

Sol Tujuh

G–B–D–F

Am

La Minor

A–C–E

F

Fa Mayor

F–A–C

 

5. Latihan Pergantian Akor Dasar

Urutan paling mudah untuk pemula:

Hitungan

Akor

1–4

C

5–8

G

1–4

Am

5–8

F

Latihan:

  • Goyangkan satu akor selama 4 ketukan.
  • Pindah akor mengikuti hitungan.

 

6. Pola Iringan Sederhana

Pola 4/4

Hitungan:
1 – 2 – 3 – 4

Mainkan:

  • Goyang pada setiap ketukan.

Contoh:

  • C → 4 kali goyang
  • G → 4 kali goyang

 

7. Tips untuk Pemula

✅ Fokus pada tempo
✅ Dengarkan aba-aba dirigen
✅ Jangan menggoyang terlalu keras
✅ Latihan perpindahan akor perlahan
✅ Gunakan metronom jika perlu

 

8. Contoh Lagu Mudah untuk Latihan

  • Burung Kakatua
  • Manuk Dadali
  • Ibu Kita Kartini
  • Tanah Airku

 

9. Contoh Progression Lagu

Lirik

Akor

Ibu kita Kartini

C

Putri sejati

G

Putri Indonesia

Am

Harum namanya

F – G – C

Dengan latihan rutin, pemain pemula biasanya mulai lancar memainkan akompanyemen dalam 1–2 minggu latihan dasar.

 


Téks Eksposisi Basa Sunda SMP Kelas 8



Teks Eksposisi | Basa Sunda Sunda SMP Kelas 8

Rangkuman Materi

Pangertian Teks Eksposisi

Teks eksposisi nyaéta tulisan anu eusina ngajelaskeun informasi, pamadegan, atawa pangaweruh sangkan nu maca ngarti kana hiji perkara.

Teks eksposisi biasana dumasar kana:

  • Fakta
  • Data
  • Pamadegan anu logis

 

Tujuan Teks Eksposisi

Tujuan teks eksposisi nyaéta:

  1. Méré informasi ka nu maca
  2. Ngajelaskeun hiji masalah sacara écés
  3. Nambah pangaweruh nu maca
  4. Ngayakinkeun ku alesan jeung fakta

 

Ciri-ciri Teks Eksposisi

  1. Eusina mangrupa informasi atawa pangaweruh
  2. Ngandung fakta jeung pamadegan
  3. Basa anu jelas, lugas, jeung baku
  4. Objektif jeung henteu ngandung émosi kaleuleuwihi
  5. Disusun sacara sistematis

 

Struktur Teks Eksposisi

1. Tésis

Bagian bubuka anu eusina pamadegan atawa gagasan utama.

2. Runtuyan Argumén

Bagian anu ngajelaskeun alesan, fakta, jeung bukti pikeun ngadukung pamadegan.

3. Panegasan Ulang

Bagian panutup anu eusina negeskeun deui pamadegan panulis.

 

Kaidah Basa Teks Eksposisi

Teks eksposisi biasana ngagunakeun:

  • Basa lugas jeung écés
  • Kecap baku
  • Kalimah fakta
  • Konjungsi sabab-akibat
    Contona:
    • sabab
    • ku kituna
    • jadi
    • ku sabab éta

 

Conto Teks Eksposisi

“Mangpaat Maca Buku”

Maca buku mangrupa kagiatan anu penting pikeun murid. Ku maca buku, urang bisa nambahan élmu pangaweruh jeung wawasan. Sajaba ti éta, maca buku ogé bisa ningkatkeun kamampuhan mikir jeung nulis. Ku kituna, murid kudu ngabiasakeun maca unggal poé.

 

Conto Kalimah Eksposisi

  • Diajar rutin bisa ningkatkeun préstasi sakola.
  • Ngajaga kabersihan lingkungan penting pikeun kaséhatan.
  • Olahraga rutin ngajadikeun awak séhat.

 

 Mangpaat Diajar Teks Eksposisi

  1. Ningkatkeun kamampuhan ngajelaskeun pamadegan
  2. Diajar nyusun argumén anu logis
  3. Nambahan wawasan jeung pangaweruh
  4. Ngalatih mikir kritis

 

Kacindekan/Kasimpulan

Teks eksposisi nyaéta tulisan anu ngajelaskeun informasi atawa pamadegan ku cara anu écés, lugas, sarta dumasar kana fakta. Struktur teks eksposisi ngawengku tésis, argumén, jeung panegasan ulang.

 

Téks Deskripsi Basa Sunda SMP Kelas 8



Teks Deskripsi | Basa Sunda Sunda SMP Kelas 8

Rangkuman Materi

Pangertian Teks Deskripsi

Teks deskripsi nyaéta tulisan anu eusina ngajelaskeun hiji obyék sacara écés tur rinci sangkan nu maca siga ningali, ngadéngé, atawa ngarasa langsung kana obyék anu dijelaskeun.

Obyék dina teks deskripsi bisa mangrupa:

  • Jalma
  • Tempat
  • Sasatoan
  • Barang
  • Kaayaan


Tujuan Teks Deskripsi

Tujuan teks deskripsi nyaéta:

  • Ngagambarkeun hiji obyék sacara jelas
  • Sangkan nu maca bisa ngabayangkeun obyék anu dijelaskeun
  • Méré katerangan anu rinci ngeunaan hiji hal

 

Ciri-ciri Teks Deskripsi

  1. Ngajelaskeun hiji obyék sacara rinci
  2. Ngagunakeun kecap sipat
  3. Basa anu écés jeung jentre
  4. Ngagambarkeun kaayaan obyék
  5. Ngandung hasil panitén atawa pangalaman

Conto kecap sipat:

  • éndah
  • beresih
  • jangkung
  • lega
  • asri

 

Struktur Teks Deskripsi

1. Idéntifikasi

Bagian bubuka anu ngajelaskeun obyék anu rék didéskripsikeun.

2. Déskripsi Bagian

Ngajelaskeun bagian-bagian atawa ciri-ciri obyék sacara rinci.

3. Panutup (upama aya)

Bagian ahir ngeunaan kacindekan atawa kesan panulis kana obyék.

 

Kaidah Basa dina Teks Deskripsi

Teks deskripsi biasana ngagunakeun:

  • Kecap sipat
  • Kalimah jentre
  • Kecap nu ngajelaskeun tempat, warna, ukuran, jeung kaayaan
  • Basa anu gampang dipikaharti

 

Conto Teks Deskripsi

“Sakola Kuring”

Sakola kuring tempatna strategis jeung lingkunganana beresih. Di hareupeun sakola aya taman anu pinuh ku tatangkalan héjo. Unggal kelas katingali rapih jeung nyaman pikeun diajar. Guru-guruna bageur sarta marahmay ka murid-murid.

 

Conto Kalimah Deskripsi

  • Pantai éta boga pasir bodas jeung ombak anu tenang.
  • Bu guru téh jangkung jeung sorana lemes.
  • Perpustakaan sakola beresih sarta loba buku bacaan.

 

Mangpaat Diajar Teks Deskripsi

  1. Ningkatkeun kamampuhan nulis
  2. Diajar ngajelaskeun hiji obyék sacara jelas
  3. Nambahan kosa kecap basa Sunda
  4. Ngalatih kamampuhan niténan lingkungan

 

Kacindekan/Kasimpulan

Teks deskripsi nyaéta tulisan anu ngajelaskeun hiji obyék sacara rinci supaya nu maca bisa ngabayangkeun kaayaan obyék éta kalayan écés. Dina nyusun teks deskripsi kudu ngagunakeun basa anu jentre, écés, sarta loba kecap sipat.

 


Maham jeung Ngaringkes Eusi Téks Éksposisi



Maham jeung Ngaringkes Eusi Téks Éksposisi

leu di handap aya téks éksposisi. Pék baca heula dina jero até. Geus kitu, ringkeskeun eusina.

 

Basa téh Cicirén Bangsa

 Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sabada basa Jawa. Kiwari, basa Sunda téh kaasup basa daérah nu masih dipiara tur diparaké ku masarakatna. Ku kituna, hirup-huripna basa Sunda ogé ditangtayungan ku nagara. Luyu jeung UUD 1945, Bab XV, Penjelasan Pasal 36, anu nétélakeun yén "Di wewengkon-wewengkon anu mibanda basa sorangan, anu dipiara ku rayatna kalawan hadé-hadé (upamana basa Jawa, Sunda, Madura, jeung sajabana), éta basa-basa téh bakal diajénan jeung dipiara ogé ku nagara."

 

Ayana bangsa atawa sélér bangsa téh dicirian ku ayana basa. Aya babasan nu unina "Basa téh cicirén bangsa." Leungit basana, ilang bangsana. Kitu deui, basa Sunda mangrupa ciri ayana urang Sunda. Lamun basa Sunda geus teu diparaké deui, leungit tina kahirupan, nya urang Sunda ogé bakal leungit.

 

Unggal daérah boga adat kabiasaan masing-masing. Ceuk paribasa, "Ciri sabumi cara sadésa, jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana". Lain tepak séjén igel. Béda-bédana adat kabiasaan di unggal daérah nuduhkeun yén budaya urang téh beunghar. Ku kituna, lamun urang pindah ti hiji daérah ka daérah séjénna kudu bisa nyaluyukeun diri jeung daérah anyar nu dicicingan. Urang kudu bisa pindah cai pindah tampian.

 

Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial-budaya anu makéna. Ku kituna, jaba ti jadi unsur budaya Sunda, basa Sunda boga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda. Jaba ti éta, basa Sunda anu mibanda kalungguhan jadi basa daérah téh sagulung-sagalang jeung basa Indonésia katut basa asing. Balukarna di antara éta basa-basa téh pasosok.

 

Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Dina hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda ragam basa. Dipakéna basa Sunda téh keur sadirieun jeung keur ka batur. Keur sadirieun, nyaéta dina waktu urang ngimpi, ngadunga, kukulutus, ngitung, jeung catetan poéan dina agenda pribadi. Keur ka batur, nyaéta waktu urang palémék atawa komunikasi. Nyatana pikeun alat campur gaul jeung papada urang Sunda atawa nu lain urang Sunda tapi geus bisa basa Sunda.

 

Nurutkeun daerah dipakéna, basa Sunda téh leuwih loba dipaké di luar kota ti batan di jero kota. Ragam basa anu dipaké di daérah atawa wewengkon téh geus lila disebut basa Sunda wewengkon. Upamana waé, aya basa Sunda wewengkon Bekasi, Bogor, Ciamis, Cianjur, Cirebon, Indramayu, Purwakarta, Karawang, Sérang, Subang, Sumedang, jeung Tasikmalaya. Ari basa Sunda wewengkon Bandung, dina taun 1912 ku Pamaréntah Hindia Walanda, ditetepkeun jadi basa Sunda lulugu.

 

Ragam basa nurutkeun atikan formal ngabédakeun ayana ragam basa nyakola jeung ragam basa teu nyakola. Ragam basa ti panyatur anu nyakola ilaharna ébréh lebah ucapan foném-foném tina basa kosta, ngukuhan kaedah basa, boh tata basana boh undak usuk basana.

 

Ragam basa nurutkeun sikep panyatur nu raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun, disebut undak usuk basa atawa tata krama basa. Undak usuk basa enas-enasna mangrupa sopan santun makéna basa. Ku kituna, undak usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes (hormat) jeung ragam basa kasar (loma, atawa teu hormat). Ragam basa lemes aya dua rupa, nyaéta lemes keur batur jeung lemes keur sorangan anu bisa katitén wujudna dina lisan atawa kecap, pasemon, rengkuh jeung peta, sarta lentong anu merenah.

 

Ragam basa nurutkeun warna makėna basa disawang tina jihat jejer omongan, médium atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Disawang tina jejer omongan, aya ragam basa urang réa (balaréa) anu ilahar dipaké sapopoé jeung ragam basa urang réa nu dipaké husus dina widang jurnalistik, paélmuan, sastra, jeung agama. Disawang tina médium makéna, aya ragam basa lisan anu dipaké dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis nu dipaké dina surat, koran, majalah, jeung buku.

 

Disawang tina jihat pasosokna, aya ragam basa nyunda jeung ragam basa nu teu nyunda. leu téh henteu ngandung harti masarakat Sunda ulah narima pangaruh tina basa lian. Nyerep unsur tina basa lian dimeunangkeun pisan, pangpangna dina hal pakeman-pakeman basa anyar dina basa Indonésia anu beuki loba tur populér sarta dina basa Sunda tacan aya sawandana. Munasabah nepi ka kitu téh lantaran média geusan mopulėrkeunana kawilang réa pisan, boh média citak jeung média éléktronik, boh média sosial. Dina éta média teu saeutik dipakéna basa Sunda pacampur jeung basa Indonésia atawa basa asing. Asupna kecap-kecap saperti SMS (short massage service), donlod (download), mos (mouse), aplod (upload), loding (loading), jstė.

 

Najan aya pangaruh tina basa séjén, basa Sunda tetep jadi ciri ayana urang Sunda. Jaba ti kitu, basa Sunda ogé boga ciri has atawa kaunikan. Aya nu nyebutkeun yén basa Sunda téh disebut basa rasa. Ari sababna, basa Sunda téh beunghar ku kecap-kecap kaayaan nu ngagambarkeun rasa tur hésé ditarjamahkeun kana basa séjén. Contona, kecap méléngé béda jeung molongo. Jaba ti éta, dina basa Sunda téh réa kapanggih purwakanti nu ngagambarkeun sasaruaan sora. Upamana waé, dina paribasa "Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak" aya purwakanti /i/ jeung /a/.

 

Basa Sunda boga vokal /eu/ anu hésé diucapkeun ku sélér bangsa séjén. Contona, "Beuheung ceuceu ceuleugeug". Basa Sunda ogé beunghar ku kecap-kecap anu ngandung vokal /a/ nepi ka ngawangun purwakanti saperti "Kang Dadang aya maksad hajat badag. Kang Dadang angkat ka Majalaya, maksadna ngala nangka ngala kalapa. Barang datang ka Majalaya, kasampak tangkal nangka tangkal kalapa aya ngajajar dalapan. Da tangkal nangka tangkal kalapa mah tara ka mamana. Kalacat Kang Dadang hanjat kana tangkal nangka. Barang hanjat kasampak aya kadal badag ngarayap kana calanana. Kang Dadang ragrag kana sawah saat. Naha lalampahan Kang Dadang ka Majalaya tamat? Acan lantaran aya barayana mawa Kang Dadang tatamba ka tatanggana."

 

Dina basa Sunda aya kecap anteuran jeung kecap panganteb anu hésé ditarjamahkeun kana basa séjén. Jumlah kecap anteuran aya 418 kecap saperti gék, jung, léos, jeung kalacat dina wangunan basa gék diuk, jung nangtung, léos indit, jeung kalacat unggah. Kitu deui, kecap panganteb jumlahna kaitung réa, saperti mah, téh, téa, ogé, wé, waé. Jaba ti éta, basa Sunda ogé mibanda kecap katerangan sipat anu hartina nuduhkeun 'kacida' atawa 'pisan' saperti euceuy dina beureum euceuy hartina 'beureum pisan', ngagedod dina héjo ngagedod hartina 'héjo pisan', jeung nyempring dina ipis nyempring hartina 'ipis pisan'.

 

Diolah ti babaraha sumber.

Sumber Tulisan :

Simpay Basa Sunda 
Pikeun SMP/MTS Kelas VIII hlm 109 - 111

Tingkesan Basa Sunda Kelas 8 Semester 2

Tingkesan Basa Sunda Kelas 8 Semester 2

 

Tingkesan Basa Sunda Kelas 8 Semester 2

 

1. Pakeman basa téh dina basa Indonésia disebutna ungkapan kata atawa idiom.

 

2. Pakeman basa nuduhkeun ungkara basa anu angger atawa geus matok. Ilaharna pakeman basa téh mangrupa kalimah atawa gundukan kecap anu geus dipatok, geus ditaker diwatesanan, teu meunang dirobah, boh dirobah susunan kecap-kecapna atawa éjahanana, boh dirobah tempatna atawa dilemeskeun.

 

3. Aya rupa-rupa pakeman basa, nyaéta babasan, paribasa, kekecapan, rakitan lantip, cacandran, candrasangkala, uga, caturangga, jeung panyaraman.

 

a. Babasan: kecap atawa gundukan kecap anu ngandung harti injeuman atawa kiasan. Contona: hampang birit.

 

b. Paribasa: ungkara basa winangun kalimah anu ngandung harti babandingan minangka siloka lakuning hirup manusa. Contona: Adat kakurung ku iga.

 

c. Kekecapan: kecap kiasan nu geus jadi omong-omongan, satengah babasan. Contona: Dinangna-néngné.

 

d. Rakitan lantip: susůnan kecap atawa ungkara kalimah anu dihartikeun henteu sacéréwéléna, tapi ku kabiasaan maké dadasar kalantipan. Contona: Nyai, panggedéankeun kompor.

 

é. Cacandran: panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun, diucapkeun ku karuhun urang jauh saméméh kajadian. Contona: Bandung heurin ku tangtung.

 

f. Candrasangkala: kaweruh ngeunaan taun kajadian hiji perkara anu dibalibirkeun tur maké taun Saka. Contona: Panca Pandawa Ngemban Bumi (5521 → 1255 Saka atawa 1333 M).

 

g. Uga: ramalan ngeunaan maju mundurna kaayaan nagara. Contona: Sunda kertaraharja mun Lebak Cawéné geus kapanggih.

 

h. Caturangga: kaweruh pikeun mikanyaho hadé goréngna watek kuda pikeun diingu. Contona: Wisnur murti.

 

i. Panyaraman: omongan anu eusina panyarék sangkan ulah milampah hiji pagawéan. Contona: Ulah diuk dina lawang panto, bisi nongtot jodo.

@artridwan | www.artridwan.my.id. Diberdayakan oleh Blogger.
Back To Top