@yandaawan

Maham jeung Ngaringkes Eusi Téks Éksposisi



Maham jeung Ngaringkes Eusi Téks Éksposisi

leu di handap aya téks éksposisi. Pék baca heula dina jero até. Geus kitu, ringkeskeun eusina.

 

Basa téh Cicirén Bangsa

 Basa Sunda mangrupa basa indung pikeun urang Sunda, boh anu mangkuk di Jawa Barat boh di saluareunana. Jumlah panyaturna ogé kaitung réa, malah kaasup basa daérah kadua panggedéna di Indonésia sabada basa Jawa. Kiwari, basa Sunda téh kaasup basa daérah nu masih dipiara tur diparaké ku masarakatna. Ku kituna, hirup-huripna basa Sunda ogé ditangtayungan ku nagara. Luyu jeung UUD 1945, Bab XV, Penjelasan Pasal 36, anu nétélakeun yén "Di wewengkon-wewengkon anu mibanda basa sorangan, anu dipiara ku rayatna kalawan hadé-hadé (upamana basa Jawa, Sunda, Madura, jeung sajabana), éta basa-basa téh bakal diajénan jeung dipiara ogé ku nagara."

 

Ayana bangsa atawa sélér bangsa téh dicirian ku ayana basa. Aya babasan nu unina "Basa téh cicirén bangsa." Leungit basana, ilang bangsana. Kitu deui, basa Sunda mangrupa ciri ayana urang Sunda. Lamun basa Sunda geus teu diparaké deui, leungit tina kahirupan, nya urang Sunda ogé bakal leungit.

 

Unggal daérah boga adat kabiasaan masing-masing. Ceuk paribasa, "Ciri sabumi cara sadésa, jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana". Lain tepak séjén igel. Béda-bédana adat kabiasaan di unggal daérah nuduhkeun yén budaya urang téh beunghar. Ku kituna, lamun urang pindah ti hiji daérah ka daérah séjénna kudu bisa nyaluyukeun diri jeung daérah anyar nu dicicingan. Urang kudu bisa pindah cai pindah tampian.

 

Hirup kumbuhna basa Sunda raket patalina jeung kahirupan sosial-budaya anu makéna. Ku kituna, jaba ti jadi unsur budaya Sunda, basa Sunda boga fungsi jadi wahana pikeun mekarkeun budaya Sunda. Jaba ti éta, basa Sunda anu mibanda kalungguhan jadi basa daérah téh sagulung-sagalang jeung basa Indonésia katut basa asing. Balukarna di antara éta basa-basa téh pasosok.

 

Basa Sunda lahir bareng jeung lahirna masarakat Sunda katut budayana. Dina hirup kumbuhna, basa Sunda téh mibanda ragam basa. Dipakéna basa Sunda téh keur sadirieun jeung keur ka batur. Keur sadirieun, nyaéta dina waktu urang ngimpi, ngadunga, kukulutus, ngitung, jeung catetan poéan dina agenda pribadi. Keur ka batur, nyaéta waktu urang palémék atawa komunikasi. Nyatana pikeun alat campur gaul jeung papada urang Sunda atawa nu lain urang Sunda tapi geus bisa basa Sunda.

 

Nurutkeun daerah dipakéna, basa Sunda téh leuwih loba dipaké di luar kota ti batan di jero kota. Ragam basa anu dipaké di daérah atawa wewengkon téh geus lila disebut basa Sunda wewengkon. Upamana waé, aya basa Sunda wewengkon Bekasi, Bogor, Ciamis, Cianjur, Cirebon, Indramayu, Purwakarta, Karawang, Sérang, Subang, Sumedang, jeung Tasikmalaya. Ari basa Sunda wewengkon Bandung, dina taun 1912 ku Pamaréntah Hindia Walanda, ditetepkeun jadi basa Sunda lulugu.

 

Ragam basa nurutkeun atikan formal ngabédakeun ayana ragam basa nyakola jeung ragam basa teu nyakola. Ragam basa ti panyatur anu nyakola ilaharna ébréh lebah ucapan foném-foném tina basa kosta, ngukuhan kaedah basa, boh tata basana boh undak usuk basana.

 

Ragam basa nurutkeun sikep panyatur nu raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, sarta lomana antara panyatur, pamiarsa, jeung jalma nu dicaritakeun, disebut undak usuk basa atawa tata krama basa. Undak usuk basa enas-enasna mangrupa sopan santun makéna basa. Ku kituna, undak usuk basa sok dipasing-pasing jadi ragam basa lemes (hormat) jeung ragam basa kasar (loma, atawa teu hormat). Ragam basa lemes aya dua rupa, nyaéta lemes keur batur jeung lemes keur sorangan anu bisa katitén wujudna dina lisan atawa kecap, pasemon, rengkuh jeung peta, sarta lentong anu merenah.

 

Ragam basa nurutkeun warna makėna basa disawang tina jihat jejer omongan, médium atawa sarana, jeung sipat pasosokna. Disawang tina jejer omongan, aya ragam basa urang réa (balaréa) anu ilahar dipaké sapopoé jeung ragam basa urang réa nu dipaké husus dina widang jurnalistik, paélmuan, sastra, jeung agama. Disawang tina médium makéna, aya ragam basa lisan anu dipaké dina paguneman atawa biantara, aya ragam basa tulis nu dipaké dina surat, koran, majalah, jeung buku.

 

Disawang tina jihat pasosokna, aya ragam basa nyunda jeung ragam basa nu teu nyunda. leu téh henteu ngandung harti masarakat Sunda ulah narima pangaruh tina basa lian. Nyerep unsur tina basa lian dimeunangkeun pisan, pangpangna dina hal pakeman-pakeman basa anyar dina basa Indonésia anu beuki loba tur populér sarta dina basa Sunda tacan aya sawandana. Munasabah nepi ka kitu téh lantaran média geusan mopulėrkeunana kawilang réa pisan, boh média citak jeung média éléktronik, boh média sosial. Dina éta média teu saeutik dipakéna basa Sunda pacampur jeung basa Indonésia atawa basa asing. Asupna kecap-kecap saperti SMS (short massage service), donlod (download), mos (mouse), aplod (upload), loding (loading), jstė.

 

Najan aya pangaruh tina basa séjén, basa Sunda tetep jadi ciri ayana urang Sunda. Jaba ti kitu, basa Sunda ogé boga ciri has atawa kaunikan. Aya nu nyebutkeun yén basa Sunda téh disebut basa rasa. Ari sababna, basa Sunda téh beunghar ku kecap-kecap kaayaan nu ngagambarkeun rasa tur hésé ditarjamahkeun kana basa séjén. Contona, kecap méléngé béda jeung molongo. Jaba ti éta, dina basa Sunda téh réa kapanggih purwakanti nu ngagambarkeun sasaruaan sora. Upamana waé, dina paribasa "Ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak" aya purwakanti /i/ jeung /a/.

 

Basa Sunda boga vokal /eu/ anu hésé diucapkeun ku sélér bangsa séjén. Contona, "Beuheung ceuceu ceuleugeug". Basa Sunda ogé beunghar ku kecap-kecap anu ngandung vokal /a/ nepi ka ngawangun purwakanti saperti "Kang Dadang aya maksad hajat badag. Kang Dadang angkat ka Majalaya, maksadna ngala nangka ngala kalapa. Barang datang ka Majalaya, kasampak tangkal nangka tangkal kalapa aya ngajajar dalapan. Da tangkal nangka tangkal kalapa mah tara ka mamana. Kalacat Kang Dadang hanjat kana tangkal nangka. Barang hanjat kasampak aya kadal badag ngarayap kana calanana. Kang Dadang ragrag kana sawah saat. Naha lalampahan Kang Dadang ka Majalaya tamat? Acan lantaran aya barayana mawa Kang Dadang tatamba ka tatanggana."

 

Dina basa Sunda aya kecap anteuran jeung kecap panganteb anu hésé ditarjamahkeun kana basa séjén. Jumlah kecap anteuran aya 418 kecap saperti gék, jung, léos, jeung kalacat dina wangunan basa gék diuk, jung nangtung, léos indit, jeung kalacat unggah. Kitu deui, kecap panganteb jumlahna kaitung réa, saperti mah, téh, téa, ogé, wé, waé. Jaba ti éta, basa Sunda ogé mibanda kecap katerangan sipat anu hartina nuduhkeun 'kacida' atawa 'pisan' saperti euceuy dina beureum euceuy hartina 'beureum pisan', ngagedod dina héjo ngagedod hartina 'héjo pisan', jeung nyempring dina ipis nyempring hartina 'ipis pisan'.

 

Diolah ti babaraha sumber.

Sumber Tulisan :

Simpay Basa Sunda 
Pikeun SMP/MTS Kelas VIII hlm 109 - 111

Labels: Basa Sunda, Kelas 8, Sekolah Alam Fathia Sukabumi, Sekolah Alam Sukabumi

Thanks for reading Maham jeung Ngaringkes Eusi Téks Éksposisi. Please share...!

33 Comment for "Maham jeung Ngaringkes Eusi Téks Éksposisi"

Assalamu'alaikum ghaisan 8B hadirr

Yang Sudah Baca silakan komentar ya

assalamu'alaikum ghaisan 8b hadir

Komentar ini telah dihapus oleh pengarang. - Hapus

Khaleefa M. Sampurna 8a hadirr

assalamu'alaikum ghaisan 8B hadir

shakira 8b hadir

Assalamualaikum Raffa 8B hadir

@artridwan | www.artridwan.my.id. Diberdayakan oleh Blogger.
Back To Top